Contoh kecil laporan Basa Sunda

on Kamis, 18 Oktober 2012

Acara Tablig Akbar
Di Madrasah
            Dina waktu Tablig Akbar, seueur pisan siswa atanapi siswi anu datang ka madrasah.  Siswa anu ngiringan acara Tablig Akbar teh kira-kira aya kana 80 urang, Kusabab unggal siswa kedah mawa pun biangna, pun bapana, atanapi Rakana.
            Acara Tablig akbar ieu dibukana ti tabuh 3 beurang dugika tabuh 9 peuting tapi dina waktu maghrib sareng waktu isya panitia sareng siswa ngeureunan heula kusabab kedah ngajalan keun ibadah sholat.
            Di acara Tablig akbar ieu barudak teh ningali acara sholawatan, marawisan, pangaosan, sareng ceramah, dina sesi ceramah ieu panitia ngaaya keun tanya jawab siswa sareng ustad. Tujuanna nyeta ameh siswa tiasa terang agama islam anu bener sareng siswa  kreatif deui.
            Tablig Akbar ieu nyandak biaya sakitar Rp.6.000.000,- dana eta teh dipake keur nyewa speaker, mayar bintang tamu, sareng ngabangun panggung. Panitia teh tiasa ngempelkeun dana sakitu tina:
·         Sumbangan warga              :Rp. 3.000.000,-
·         Sumbangan panitia             :Rp. 2.500.000,-
·         Sumbangan iswa                 :Rp. 500.000,-


0 komentar:

Posting Komentar